Rabu, 18 Agustus 2010

Begal spesialis Bank


Aya hiji jelema anu geus ahli pisan dina widang ngabobol bank, anu kaahlian utamana mah nyaeta bisa muka sandi rahasia lomari beusi.Mun rek “aksi” manehna mah gawe sorangan, tara daekeun dibaturan kunu sejen.
Hiji mangsa manehna panasaran hayang meunangkeun angka kodeu akses ka salah sahiji bank anu anyar , kakara dibuka bulan kamari..... kabeneran salah sahiji lomari beusi anu “pengamanna” paling canggih di abad kiwari bisa kabuka kumanehna, tapi manehna rada kerung kulantaran heran,geningan dijerona teh euweuh duit sapeser2 acan ngan loba mangkok jeung gelas anu eusina puding warna susu wungkul, ruanganana oge tiis pisan siga dina kulkas, panasaran tinimbang teu beubeunangan, ah sakalian we diuyupan eta puding susu teh, terus istirahat sakeudeung muru ka lomari beusi nu ka-2.
Ayeuna mah pudingna dina wadah plastik...ngan kitu jeung kitu nepikeun ka 10 lomari beusi ampir satengahna dileklek eusina, tapi satengahing perjalananan balik teh terus we manehna teh mikir

"Naha aya bank modern teu neundeun duit saperak-perak acan? ah atawa geus apal kitu rek di paok ku dewek?...ah bae nupenting mah pokona seubeuh...euuuuuuuuu!!" bari teurab.

Isukanana, isuk-isuk bari lulungu manehna nyetel TV dina Head line news, terus maca ditiap koran kabeh ngajeblag aksara nu panggedena di halaman panghareupna deuih anu judulna unina kieu :"MALAM TADI BANK SPERMA KEBOBOLAN!"

sumber : paratag.blogspot.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Halaman Ke